Tari Jaipong lahit ti kreatifna seniman ti Bandung
nu namina Gugum Gumbira. Mimiti ayana Tari Jaipong teh sok disebut oge ketuk
tilu emang tarian ieu teh dikembangkeun tina ketuk tilu.
Tari Jaipong atos jadi salah sahiji ikon kasenian
jaawa barat, anu sering dipintonkeun di acara-acara penting contona pikeun
ngahibur tamu ti nagara asing anu datang ka jawa barat jeung sok dipintonkeun
oge di festival budaya.
Kalahiran tari jaipong teh ngaayakeun rasa nu
neuleuman seni tari tradisional jadi leuwih aktif pikeun ngagali jenis tarian
nu sejena nu saacanamah kurang diperhatikeun.
Gerakan
tina tarian ieu teh mangrupakeun tarian atraktif anu gerakana teh dinamis.
Gerakan anu sering dipakena nyaeta lengen, tak-tak, jeung pinggul nu
digerakkeun sacara lincah jeung dinamis. Tari Jaipong sok dipinding ku musik
tradisional degung nu alat musikna teh saperti kendang, gong, kacapi, saron,
jeung lain-lain.
Pakean
nu digunakeun ku penari jaipong teh biasana make kabaya warna cerah jeung
kahandapna sok make kaen jait motif batik. dibagean mastakana biasana ngangge
sanggul hias, hisana teh saperti mahkota sareng bunga, pakean penari oge sok
ditambahan make selendang.
Ayeuna kasenian tari jaipong teh geus mulai jarang
dipintonkeun pikeun ngajaga ieu kasenian teh urang salaku masyarakat jawa barat
kudu apal jeung kudu sering dipintonkeun ka masyarakat luar atawa masyarakat
disabuderen ku cara ngaayakeun festival budaya.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar